1 Petrus 2
Ku sabab kitu jaga diri tina sagala kajahatan. Ulah sok ngabohong deui, ulah sok pura-pura deui, ulah sok hiri dengki deui, ulah make deui basa anu nyararogok.
Sing saibarat orok anu anyar medal, anu salawasna aus ku cisusu murni, aranjeun kudu salawasna aus ku "cisusu murni" anu sipatna rohani, nya eta sabda Allah. Sabab lamun nginum eta aranjeun bakal tumuwuh reujeung salametna.
Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Ku maraneh sorangan ge karasa kasaean Allah teh sakitu gedena."
Mana geura daratang ka Gusti. Anjeunna saibarat batu hirup anu geus dipiceun ku manusa lantaran teu kapake, tapi ku Allah mah malah dipeting dianggap batu nu gede pangajina.
Aranjeun oge kudu jadi saibarat batu hirup, kudu daraek dipake nyieun gedong Allah, anu sipatna rohani, jaradi imam suci purah nyanggakeun kurban-kurban anu sipatna rohani, anu pikamanaheun ka Allah ku jalan Yesus Kristus.
Sabab ceuk Kitab Suci: "Hiji batu anu gede pangajina ku Kami enggeus dipilih, dijieun batu popojok kota Sion. Sing saha anu percaya ka Anjeunna, moal dikuciwakeun."
Keur aranjeun anu percaya, eta "batu" teh gede pangajina. Ari keur anu henteu percaya mah kieu ceuk Kitab Suci: "Batu anu dipiceun ku nu ngadegkeun, malah jadi kacida pentingna, leuwih ti nu sejen-sejenna."
Aya deui ceuk Kitab Suci: "Jalma-jalma bakal titarajong kana eta batu, bakal lalabuh ku eta batu." Tah kitu anu henteu palercayaeun kana sabda Allah mah bakal titarajong. Kitu dipastikeunana ku Allah.
Ari aranjeun mah bangsa anu geus kapilih, jadi imam Raja, jadi bangsa suci, anu dipilih jadi umat Allah purah nguarkeun padamelan-padamelan Allah anu araheng, anu geus nyaur ka aranjeun ti tempat anu poek, didatangkeun ka tempat Mantenna anu caang gilang-gumilang.
Tadina aranjeun teh lain umat Allah, tapi ayeuna mah jadi umat-Na. Tadina teu terang-terang yen Allah teh sipat kurnia, tapi ayeuna geus mareunang sih kurnia-Na.
Dulur-dulur! Kaula rek mepelingan. Aranjeun di dunya teh ibarat anu ngumbara! Ulah nurutkeun pangajak napsu, anu salawasna ngalawan kana budi rasa.
Lampah aranjeun di tengah jalma-jalma anu henteu percaya ka Allah teh kudu kacida hadena. Da najan maranehna ngagogoreng ka aranjeun cara ka bangsat oge, ari narenjo panggawe aranjeun hade mah tangtu engke maruji ka Allah dina Poean sumping-Na.
Ku sabab kitu, demi keur kamulyaan Gusti, aranjeun kudu tunduk ka unggal panguasa nagara: ka Prabu, reh eta nu pangkawasana,
ka para gupernurna, reh anu dikawasakeun ku Prabu pikeun ngahukum nu jahat jeung muji ka nu hade.
Sabab kalakuan aranjeun anu hade teh ku Allah bakal dianggo ngabendung omongan jalma-jalma anu garejul.
Hirup aranjeun kudu sakumaha jalma merdika, tapi kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan kagorengan, nya kudu sakumaha layakna jelema anu ngawula ka Allah.
Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.
Anu ngagandek kudu nurut ka dunungan, boh lamun dunungan teh bageur jeung amis budi, boh lamun dunungan teh kasar jeung bengis.
Anu meunang kanyeri ti dunungan teu karana migawe kasalahan, tapi tetep sabar lantaran narimakeun kana pangersa Allah, bakal meunang rahmat-Na.
Tapi ari nu salah mah pantes bae kudu sabar sanajan diteunggeul oge. Sabar ku lantaran kitu mah naon pujieunana? Lamun gawe bener tapi teu burung dinyerikeun, sarta aranjeun tetep sabar narimana, eta kasabaran aranjeun teh bakal aya ganjaranana ti Allah.
Nya supaya milampah kitu aranjeun disaur ku Allah teh. Sabab Kristus oge geus nandangan sangsara pikeun aranjeun, sarta Anjeunna maparin tuladan anu ku urang kudu dipiconto.
Anjeunna henteu midamel dosa, jeung tacan aya anu ngadenge Anjeunna ngabohong, da tara ngabohong sakecap-kecap acan.
Anjeunna mah dihina tara ngahina deui; dikaniaya taya manah hoyong ngabales, anggur sumerah ka pangersa Allah, Hakim anu adil.
Kristus ku anjeun geus ngabegbregan salira-Na dina kayu salib ku dosa-dosa urang, supaya urang bebas tina kakawasaan dosa, hirup nurutkeun pangersa Allah. Raheut-raheut salira-Na ngalantarankeun aranjeun cageur.
Tadina aranjeun teh lir domba-domba anu sasab, tapi ayeuna mah geus dicandak balik sarta ngiring ka Kristus, anu jadi Pangangon jeung anu ngaraksa nyawa aranjeun.